Kecap Anjing jeung Goblog

Lamun aya nu nyarios yang ”Manéh jiga ucing” jigana moal ngambek atawa kasinggung, tapi lamun aya nu nyarios ”Manéh jiga anjing” pasti urang-urang bakal ngamuk. Naha basa disebut ucing teu ngambek tapi basa disebut anjing ngarasa kasinggung? Salah naon si-ANJING tepi ngaran-na sering jadi hiji umpatan jang nyarékan atawa jeung ungkapan rasa ambek jelema. Naha pedah anjing dianggap mahluk nu najis.

Lain didieu lain di kulon. Di negara  kulon (Barat) atawa di negeri nu ngarasa kakulon-kulonan (kabarat-baratan) kecap Anjing sanés kecap nu dipaké kanggo nyarékan. Dog (anjing) malah jadi ungkapan nu sering dipaké kanggo ngamaknai nu positip. Misalna kecap “dog-fight” dipaké jang istilah duél pasawat tempur, bahkan aya istilah nu paling terkenal nyaéta “dog-style” nu artina ngadamel orok.

Balik ka topik nu awal. Tapi syukur, kecap anjing akhirna ngalami parobahan makna khususna dikalangan barudak ngora, utamina di kota angeung sepertos dikalangan anak muda Kota Bandung.

Jang anak muda Kota Bandung nu funky jeung gaul kecap anjing jeung kecap goblog ngan sakedar hiji tanda baca atawa panegas kalimat. Di ESD kecap anjing hanya berarti hiji tanda KOMA (pamisah kalimat), sedangkan kata goblog hartina TITIK. (Nutup hiji kalimat). Jadi ulah ngambek atawa ngarasa kasinggung lamun keur jalan-jalan di Kota Bandung bakal sering ngadangu kata anjing jeung goblog dina obrolan barudak ngora.

Améh jelas urang tingali hiji contoh dihandap ieu

“Tadi urang dahar anjing ayeuna rek ngaroko heula goblog

Tah kalimat éta lamun ditarjamahkeun ka bahasa indonésia nu alus jeung hadé hartina jadi

“Tadi saya makan, sekarang mau merokok dulu.

Tapi jang jalmi nu tingkat TOSFL masih rendah pasti bakal kasulitan jang ngartikeun kalimat jiga kieu

”Anjing aing digegel anjing goblog!”

Jigana kedah naroskeun ka Kang Ibing améh tiasa ngajelaskeun arti kalimat éta.

Sajalan jeung kamajuan basa sunda jadi bahasa internasional kecap anjing mimiti ngalami peluluhan atawa panghalusan, kecap anjing diubah jadi leuwih sopan jadi kecap anjrit, anjis atau anjroy. Malah di daérah Bronk jiga di Water Rock (Cicadas) ngalemeskeun kecap anjing cukup ditambahkeun kecap punteun. Jadi tong héran lamun aya jalma nu liwat ngomong permisina maké kata nu lemes nyaéta

”PUNTEN ANJING”

Cukup dijawab maké tutur kata nu teu éléh lemesna ogé

”MANGGA GOBLOG”

Di tahun 1994 sayah(penulis asli – lain abdi) pernah ngalakukan hiji panalitian leuleutikan (hanya ngitung wungkul) di babaturan SMA sayah di Bandung. Dina obrolan sakitar 15 menit, rata-rata kecap anjing jeung goblog kaluar leuwih ti 10 kali. Malah sayah sempet ngalakukan hiji tantangan ka babaturan lamun manéhna sanggup tahan teu ngomong kecap anjing jeung goblog salama 1 jam, saya rék méré duit 20 rébu. Babaturan sayah éta ngan mampu tahan sakitar 30 menit, saeunggeus éta manéhna ngobrol kaluar kecap anjing jeung goblog tanpa disadari ku manéhna.

Tah sakitu heula anjing éngké lamun aya waktu dilanjutkeun goblog.

Disclaimer: Dikutip tina milis BBV jeung UrangSunda. Tulisan ieu dipake referensi kanggo makalah paper abdi “Slang Language in Sundanese and Javanese”

Anggie Sukarno

Студент русской литературы

18 thoughts on “Kecap Anjing jeung Goblog”

  1. Dog (anjing) malah jadi ungkapan nu sering dipaké kanggo ngamaknai nu positip. Misalna kecap “dog-fight” dipaké jang istilah duél pasawat tempur, bahkan aya istilah nu paling terkenal nyaéta “dog-style” nu artina ngadamel orok.

    urang karek nyaho eta dog-style teh kaasup anu makna positip.. (unsure)

  2. Jadi verb1 tuh “anjrit”, verb2 “anjis”, verb3 “anjroy”, kalau “anjas” verb keberapa tuh? soalnya ada juga yg suka ngomong gitu juga? :-/

  3. wah,, aya deui,, “teu kenging anjing-anjingan atuh garoblog…” tah eta kalebet naon nya?? Atanapi “teu kenging goblog – goblogan atuh anjing…” … :P sip,, sae pisan jang seseratan sunda na,,, hehehe

  4. Ha ha ha.. sumpah sayah ngakak maca na..

    leres pisan, basa sunda teh ayeuna mah aya pergeseran makna nya
    anjing ge jadi kecap sadidinten,

    aya oge istilah kulon nu ngandung istilah anjing tapi makna na negatif, salah sahiji na “Rain cats and dogs”, tapi teu yakin pami “dog-style” mah, apal na “dog-mi”

  5. Artikelnya bagus sekali, percis seperti pengamatan saya. Penelitian anda dengan kawan-kawan dulu sangat tajam dan kreatif!
    Salam kenal, dan saya kaitkan URL pengalaman saya dengan ‘anjing-goblog’ :)
    Mohon ijin tautan juga. Terima kasih

  6. goblo bgt ..
    parah ni post ..

    tapi sekali ‘goblog’ tetap ‘goblog’ ..
    sama kaya yang nulisnya lebih ‘goblog’ lagi ..
    hidup goblog ! .. (rock)

  7. halah kirain teh kecap manis taunya kecap anying
    oo iya ko kalo pke FF malah ga bisa komen ya ?
    mucul tu bahasa2 anehnya pas di kolom buat ngisi komen
    apa gara2 ada si anying

Tinggalkan Balasan ke OmUcup Batalkan balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.